Pangelaran Wayang

08 Apr 2025
Seni Batik Nusantara - Motif tradisional dengan warna-warna indah

Dina raraga Milangkala Kabupaten Subang Ka-77 Taun 2025, Baris dihibur ku pintonan pagelaran wayang golek kalayan mintonkeun 4 dalang kondang tatar pasundan, Nu diantawis na :
1. Iman Cecep Supriadi
2. Wawan Dede Amung Sunarya
3. Dadan Sunandar Sunarya
4. Khanha Ade Kosasih Sunarya
Oge baris di reuah-reuah ku Sule Jeung Ohang, nu baris ngahibur sadaya warga masyarakat Subang Jeung sajabana.
Catet waktosna dinten Salasa, 8 April 2025 di Alun-alun Subang Tabuh 21.00 dugi ka rengse.

Yu, urang dareugdeug ku salerea, ajak sadaya Kulawarga pikeun nonton dina waktosna.

Hayu urang bageakeun Milangkala Kabupaten Subang Ka-77 Taun 2025 ieu, kalayan Sumanget Berkarya Ngawangun Subang